wYDCW47if6cKleiypRwqUq9HZh2kI0aAhad9DlQd
Bookmark

Lirik Lagu: Karatagan ''Cilembang Rahayu''

 

Cilembang Rahayu 

Sanggian: KKN Tematik Tasikmalaya 2021

Rumpaka: Euis Karmila

Arr. Musik: Gilang Ramadhan 


Cilembang...Cilembang

Ayana di Tasikmalaya

Nu kamashur katelah Gunung Galunggung

Saromeah hirupna henteu agul lampah


Atikanna matri jeung elmu pangarti

Dulur-dulur hayu urang sasarengan

Bangkitkeun seni budaya 

Gotong royong disagala widang


Cilembang kamashur lembur impian

Urang sasarengan dina kasaean 

Pikeun atikan babarengan

Ngabeungkeutkeun seni jeung agama


Cilembang... Cilembang

Nu lalinggih pada bageur saromeah

Sauyunan urang hirup silih tulungan 

Duh... Cilembang Tasikmalaya


Cilembang...Cilembang

Nanjeurna seni budaya

Gotong royong disagala widang 

Duh Cilembang..lembur panineungan

Posting Komentar

Posting Komentar