wYDCW47if6cKleiypRwqUq9HZh2kI0aAhad9DlQd
Bookmark

Guguritan Pupuh Asmarandana Karya Mei Kartawinata

 

https://youtu.be/R6lKeBCxIWI?si=uqKZksrvZB5pYaI9

1. Matak kasamaran pikir,

lamun teu sabar tawekal,

dibarengan gedé hate

ngalakonan perdjalanan

ku lobana halangan

pikeun ngangkat djeung ngadjungdjung

darajat bangsa sorangan


2. tapi mungguh maha sutji, 

dina masihan lantaran,

sakitu kuring teh bodo,

asa gampang nga-hartina,

maklum kabeh geus aja,

aja di badan sakudjur,

terang njata ku wudjud-Na


3. tanggal hidji bulan Mei

poena dina Djumaah

ninggang pasaran kalwon

ngitung masehi tahuna

sarebu djeung dalapan ratus

djeung salapan puluh

tudjuh lalangkunganana


4. sim-kuring ka dunja lahir

kitu saur indung-bapak

nu njaksian lahir batos

nu wadjib dipertjajana

ku sim-kuring sorangan

tur wadjib dipandjang-pundjung

ti dunya tug ka aherat


5. mei teh pangeling-ngeling

tanggal bulan kalahiran

ari tugas anu tangtos

nja eta kartawinata,

ngartakeun ku winata,

nepikeun ka hasil maksud

hasil tina perdjalanan


6. Ti Purwa karta mimiti,

karta di djaman baheula,

Bandung anu djadi hate

ngabandungan nu kawasa

rasa anu njaksian

ajana gusti nu wujud

nu wadjib di-Pangeranan


7. Kebon Djatina pamanggih

nu njata ku perdjalanan

melak hade, buah hade

ku MAHA asal purwana

nja temen tinemenan

buktina ari geus wudjud

ku simkuring kuring lakonan


8. Djumaah poe nu sutji

kaliwon pasaranana

tanggal timbul aja hate

tudjuh welas ka sasama

september sasih salapan

tedak Wali maha agung

salapan etanganana


9. Tahun anu ka pi éling

sarebu sareng salapan

ratus pundjulna sajaktos

duwa puluh tudjuh njata

Di Subang-Purwakarta

Tjimerta nya ngaran kampung

Tjileuleuy ngaran walungan


10. Tengah poe sisi tjai

tjaang padang narawangan

anéh maké aja hate

tjai di itung lobana

dibarung kahéranan

mikiran tjai ti gunung

asalna ngan sing karetjlak


11.tapi palidna ka hilir

sakur anu kaliwatan

boh sawah atawa kebon

walatra kabaragian

tapi teu saat-saat 

malah saméméh ka laut

tjai anggur ngagedean


12.kersana nu Maha Sutji

ku sim-kuring dipikiran

kapikir asa nu gélo

kadéngé aya sowara

tapi taya djalmana

ka kuring méré pitutur

purwa karta nusa njata


13. karta tengtrem hate kuring

ulah sok make itungan

lamun arek mere maweh

Tjileuleuy kudu turutan

Tji tjai Kahirupan

teu eureun-eureun tutulung

sapandjangna pardjalanan


14. kamurahan maha sutji

saestu taya surudna

Kanu Goreng jeung nu hade

Tanggungan sewang-sewangan

sing LEULEUJ migawena

ulah kaburu ku nafsu

matak goreng balukarna


15. Tjimerta mertakeun diri

kahirupan katengtreman

Subang ge nja kitu keneh

ngandung harti teu lumajan

su teh hade maksudna

bang nurut galur karuhun

bangsa pihartieunana


16. ari tahun ngandung harti

pranatan atawa tata 

hidji nja gusti hjang manon

salapan wali-allahna

duwa ketjap tandingan

goreng hade, handap luhur

nu lumrah di alam dunja


17. Tudjuh tudjuan sing pasti

kitu harti eta angka

Hiji salapan dua téh

Angka tujduh panutupna

ngadjadi perdjalanan

sapandjangna aya umur

perdjalanan atjan tamat


Posting Komentar

Posting Komentar